
Ku : Asimah
Waktu terus nyerelek teu karasa, ti menit ka jam, ti poe ka minggu, anggeus minggu torojol datang ka bulan, bulan orokan ku taun, ayeuna geus nincak taun 2010. Dina bulan ayeuna kuring jeung sabatur–batur rengrengan guru sakola dasar salian ti ngalaksanakeun kagiatan ngatik jeung ngadidik barudak nu geus lumintu, oge keur ngalatih barudak pikeun nyanghareupan kagiatan O2SN (Olimpiade Olah Raga Siswa Nasional) jeung kagiatan PMBK (Panalusuran Minat Bakat jeung Kreativitas).
Kuring ayeuna rek nulis dongeng anu
bakal dilombakeun di tingkat Kabupaten Majalengka, pikeun utusan ti
Kacamatan Palasah. Carita ngeunaan perjuangan salah sahiji tokoh anu
geus ngadegkeun Padepokan atawa Pasantren, nyaeta tempat nyebarkeun
Agama Islam nu aya di wewengkon Desa Sindangwasa Kacamatan Palasah
Kabupaten Majalengka jenenganana Syeh Syarif Arifin sareng pangiringna
nyaeta Ki Bagus Saca.
Hapunten bilih carita henteu luyu
sareng kanyataan sajarah, sim kuring mah mung sakadar nuliskeun anu
kungsi kapireng sacara lisan sareng tina buku anu kabaca ku sim
kuring, di antarana Riwayat Buyut Sambeng sareng Babad Tanah Sunda
karangan P. Sulendraningrat.
Kira–kira tujuh abad ka tukang, di
wewengkon Pasundan aya Karajaan Pajajaran. Rajana nyaeta Prabu
Siliwangi. Prabu Siliwangi kagungan putra Raden Walangsungsang sareng
Rarasantang. Kacarioskeun Walangsungsang sareng raina Rarasantang angkat
ka Cirebon bade diajar elmu ngeunaan bagbagan Agama Islam ka Syeh Datul
Kahfi. Saparantos sababaraha taun diajar ngeunaan elmu pangaweruh
kaislaman Walangsungsang sareng Rarasantang angkat ka Tanah Suci Mekah
seja ngalaksanakeun ibadah haji.
Kacarioskeun Raja Mesir parantos
dikantunkeun pupus ku garwana, anjeunna nuju milarian istri
pigarwaeuna. Harita raja nuju ngariung sareng para pajabat karajaan di
karaton. Raja Mesir meunang ilapat yen pibojeunna aya di Mekah,
langsung nitah ka Patih jeung wadyabaladna.
Kaleresan nuju usum ibadah haji, istri
pameget sami ngumpul di Baetulloh. Ki Patih sareng rombongana ngiring
ngalaksanakeun ibadah haji. Patih ningali Rarasantang teras dituturkeun
dugi ka patepang di bumi Pondokan Syeh Bayan di Mekah.
Patih naroskeun ka Syeh Bayan ngeunaan
asal usul Rarasantang. Ku Syeh Bayan dijelaskeun kalayan taliti.
Saparantosna diwidian ku Syeh, Rarasantang sareng Walangsungsang
dicandak ka Mesir ditepangkeun sareng Raja Mesir. Rarasantang ditaros
ku Raja.
Raja Mesir: ”Kumaha Nyimas Rarasantang kersa ditikah ku Kakang?”
Rarasantang : ”Mangga Kakang Prabu, sim
kuring kersa ditikah ku Kakang, mung sim kuring nuhunkeun sarat nyaeta
palay gaduh turunan anu janten Waliyullah”
Leng Raja Mesir ngahuleng ngadangu
cariosan Rarasantang kitu teh, saterasna anjeunna masrahkeun sadaya
masalahna ka Gusti Alloh Maha Suci, nyuhunkeun pituduh sangkan aya
kacindekan. Raja kenging ilapat yen kapalay Rarasantang bakal
kacumponan. Tos kitu mah dilaksanakeun akad nikah Rararasantang sareng
Raja Mesir dipingpin ku Panghulu Karajaan, ari walina nyaeta
Walangsungsang.
Gancangna carios saparantos Rarasantang
ditikah ku raja Mesir anjeuna ngababarkeun putrana lalaki dua dinamian
Syeh Syarif Hidayatullah sareng raina Syeh Syarif Arifin. Saparantosna
dewasa Syeh Syarif Hidayatullah nyebarkeun Agama Islam di Tanah Jawa
teras diangkat janten Raja di Cirebon tempatna di Karaton Pakungwati.
Cag urang tunda lalakon ngeunaan Syeh
Syarif Hidayatullah. Urang carioskeun ngeunaan Syeh Syarif Arifin ti
Mesir angkat ka Pulo Jawa bade nyusul rakana. Syeh Syarif Arifin sasab
teu terang jalan ka Cirebon. Saparantosna angkleung-angkleungan dina
parahu, anjeunna eureun di basisir Anjatan teras ngucapkeun salam ka
jalmi nu aya didinya nyaeta Ki Bagus Saca tilas prajurit Mataram nu tos
ngagem Agama Islam. Tos terang pamaksudan Syeh Syarif Arifin mah Ki
Bagus Saca jeung bojona ngiring nyarengan Syeh Syarif Arifin ka Cirebon
Samemeh dugi ka Cirebon Syeh Sarif
Arifin dugi ka hiji tempat nyeta daerah Sambeng anu ayeuna kaasup
wilayah Desa Sindangwasa Kacamatan Palasah, ti dinya teras ngadegkeun
pasantren. Ku kasabaran sareng kaikhlasan Syeh Syarif Arifin oge Ki
Bagus Saca antukna loba anu asup Islam. Atuh santri-santrina bisa
diandelkeun dina hal kaimanan jeung katauhidan.
Kacarioskeun Karajaan Cirebon
saparantosna dipingpin ku Sunan Gunung Jati meunang kamajuan dina
widang perdagangan, pertanian jeung pendidikan Agama Islam. Rahayat
kahirupana lumangsung tingtrim. Tapi mungguhing hirup di alam dunya teu
angger. Karajaan Cirebon keur nyanghareupan peperangan naklukkeun
karajaan-karajaan anu masih ngagem agama Hindu-Budha sarta can taluk.
Sajaba ti kitu karajaan keur menang musibah nyaeta tatanen sareng
palawija diserang hama.
Sunan Cirebon kenging pituduh yen kudu
ka Gunung Ciremai pikeun neangan ubar nu mangrupa cai Tirtawaluya jeung
jimat nu gunana pikeun nyuburkeun deui lahan nu diserang hama. Sunan
ngutus dua abdi dalem anu satia sarta luhung elmuna anu ngaranana Ki
Bagus Rangga jeung Ki Bagus Citra.
Kacarioskeun Syeh Syarif Arifin oge
kenging pituduh supaya anjeuna angkat ka Gunung Ciremai. Isuk–isuk
keneh pisan Syeh Syarif Arifin tos angkat diiringkeun ku Ki Bagus Saca.
Sadugina Ka Gunung Ciremai Syeh Syarif Arifin teras tatapa mujasmedi
salami tujuh dinten tujuh wengi teu kagoda ku nanaon. Kocapkeun dua abdi
dalem ti Karaton Cirebon oge tos dugi ka Gunung Ciremai, kageteun
sabab didinya tos aya dua jalma anu keur mujasmedi. Atuh eta dua abdi
dalem langsung nurutan tapa mujasmedi. Tapi dina peuting ka tujuh mah
abdi dalem teh sarare teu kuateun nahan pitunduheun.
Nurutkeun carita cenah di Gunung Ciremai
aya anu cicing geus mangtaun–taun nyaeta saurang Resi anu ngarana
Begawan Tirtasetra. Hiji jalma anu taat jeung tekun ngagem agama Budha.
Lantaran Begawan Tirtasetra sakti mandra guna manehna geus nyaho yen
kajayaan agama Budha bakal sirna di tanah Jawa, lamun aya ge nu ngagemna
ngan ukur sabagian leutik bae. Manehna waspada, sarta geus waktuna kudu
ninggalkeun alam dunia. Salila iyeu can aya jalma anu bisa
ngelehkeunana. Ngelehkeun elmu kakuatan anu aya dina raga badagna. Ku
sabab kitu sanggeus manehna mireng yen di Cirebon aya saurang Sultonul
Auliya anu leuwih sakti, atuh Sang Resi nyobaan ku kakuatan elmuna
ngirimkeun panyakit kana sagala pepelakan patani. Sang Resi boga
harepan Sang Sunan bakal datang nepungan manehna. Jeung manehna miharep
dina mulangna ka alam baqa dilakukeun ku leungeun anu wibawa jeung
perkasa, ambeh manehna ngarasa sampurana. Sanggeus Sang Resi tatapa
mang bulan–bulan lilana datang pituduh yen kahayangna bakal dikabulkeun.
Ku sabab kitu manehna ngarobah jirimna jadi oray anu gede sarta terus
tatapa di jero guha sabari nungguan jimat jeung kendi anu eusina cai
Tirtawaluya.
Dina peuting ka tujuh antara sadar jeung
henteu Syeh Syarif Arifin siga aya nu nangtang pikeun nguji elmuna.
Jalma nu nangtang taya lian nyaeta Resi nu ngawujud oray anu unggal
peuting sok ngagoda. Peuting anu simpe jeung leuweung anu poek geledegan
harita mah ngadadak caang ku semburan seuneu tina letah oray. Tanah
pagunungan siga oyag–oyagan.Letah seuneu nyamber kana salirana Syeh
Syarif Arifin Tapi ngan sakilat anjeuna bisa nangkis semburan seuneu.
Syeh Syarif Arifin tetep teu kagareuwahkeun tina tapa bratana.
Nyerahkeun sagalana kanu murbeng alam. Oray nyerang deui ka Syeh Syarif
Arifin ku cara ngabeulitan, tapi salira Syeh Syarif Arifin ngaluarkun
hawa anu panas, oray ngarasa awakna asa dibeuleum sarta leungit
kasaktian oray, bareng jeung leungitna kasaktian anu dipibogana wujud
oray robah jadi Sang Resi deui. Saterusna Sang Resi ngahudangkeun tapa
bratana Syeh Syarif Arifin sarta pok ngomong.
“Anaking Syarif Arifin hidep geus
menangkeun peperangan ieu. Peperangan antara napsu angkara murka jeung
kakafiran. Eyang ngarasa bungah jimat jeung cai Tirtawaluya beunang ku
hidep. Gunakeun anu sahade hadena jeung simpen cai anu karamat ieu
pikeun karaharjaan anak incu jaga. Ngan ka Gusti Anu Maha Kawasa sagala
pamenta bakal dikabulkeun. Siga hidep menta pikeun ngelehkeun eyang,
ieu ….geura tarima “!
”Eyang Resi anu wijaksana, hatur nuhun
kana sadaya pamasihan eyang. Naon- naon anu parantos didugikeun baris
dilaksanakeun sahade–hadena”.
“Heug anaking, eyang milu ngadoakeun
sangkan hidep bisa ngabatuan tugas mulia Sunan Gunung Jati. Eyang rek
balik ka alam nirwana ninggalkeun marcapada” .
Sanggeus beres cumarita Sang Resi
leungit taya urut-urutna acan ninggalkeun Syeh Syarif Arifin. Dua urang
abdi dalem ti Karajaan Cirebon harudang kagarewahkeun ku rongkahna
peperangan. Maneha milu nyaksian sakabeh anu lumangsung dina tengah
peuting anu poek mongkeleng harita.
Poe isukana Syeh Sarif Arifin sareng
Ki Bagus Saca ngajugjug ka Karaton Cirebon nepangan rakana Syeh Syarif
Hidayatullah. Sadugina ka karaton Syeh Syarif Hidayatullah kacida
ngaraos bingahna anjeuna patepang deui sareng raina. Ieu rai raka
ngobrol nyarioskeun kaayaan masing–masing sareng nyarioskeun ngeunaan
cai Tirtawaluya Syeh Syarif Arifin sareng Ki Bagus Saca dipiwarang
ngabantuan perang sareng karajaan karajaan anu teu acan asup Islam.
Beres perang Syeh Syarif Arifin sareng Ki Bagus Saca marulang deui ka
padepokan Sambeng. Saterasna Syeh Syarif Arifin nikah sareng Ratu
Selawati. Tina pernikahana sareng Ratu Selawati dipaparin turunan
namina Putri Kencanawatu. Diantara raja-raja di daerah aya hiji karajaan
anu langsung diislamkeun ku Syeh Syarif Arifin, nyaeta karajaan
Kawunganten.
Raja Kawunganten kagungan putra anu
namina Nyi Putri Dewi Kawungkencana. Ku ramana, Nyi Putri ditikahkeun ka
Syeh Syarif Arifin. Teu lami deui Nyi Putri nuju ngandung saparantos
ngababarkeun putrana Nyi Putri Dewi Kawungkencana pupus ngantunkeun anak
sareng carogena. Syeh Syarif Arifin ngaraos sedih manahna dikantunkeun
ku istrina, lami-lami kasehatan ajeunna beuki nyirorot, taya ubar pikeun
ngubaran raheut hatena. Antukna Syeh Sarif Arifin pupus nyusul garwana.
Putrana diurus ku para pangiringna.
Sok sanaos Syeh Syarif Arifin parantos
pupus, dugi ka kiwari lamun rek usum nyawah jeung dina bulan Mulud sok
seueur anu jiarah ka makam Syeh Syarif Arifin sareng Ki Bagus Saca.
Utamana masarakat ti daerah Indramayu sareng sabudeureuna. Tapi pantrang
cenah pikeun awewe nu keur kakandungan teu meunang ziarah ka makam Syeh
Syarif Arifin.
Bilih para mitra aya nu palay uninga
sareng bade ziarah ka makam Syeh Syarif Arifin sareng Ki Bagus Saca
mangga sumping bae ka Desa Sindangwasa Kacamatan Palasah Kabupaten
Majalengka, ayeuna kasohor ku sebutan Buyut Nyata, kumargi sagala anu
diusahakeun ku Ki Bagus Saca dina ngadegkeun pasantren jadi kanyataan.
***
Beres ngetik kuring langsung mareuman
komputer. Nempo kana jam dina tembok, euleuh geuning geus wanci janari
leutik. Kolotrak muka panto kamer, kasampak akangna ngagebra tibra
naker, kalacat kuring unggah kana ranjang. Goledag ngagoler gigireun
akangna. Memeh reup peureum kuring ngagerentes, ***
Nun Gusti hudangkeun kuring jam opat isuk
Sangkan kuring bisa solat subuh di awal waktu
Bisa nyiapkeun sarapan jang kulawarga
Bisa nyeusehan pakean
Bisa sasapu
Bisa indit ka tempat gawe henteu kabeurangan
(**/)
Penulis, Asimah,
Guru SDN Sindangwasa Kacamatan Palasah Kabupaten Majalengka 45475
Assalamualaikum wrb salam persaudaraan,perkenalkan saya Sri Wulandari asal jambi,maaf sebelumnya saya hanya mau berbagi pengalaman kepada saudara(i) yang sedang dalam masalah apapun,sebelumnya saya mau bercerita sedikit tentang masalah saya,dulu saya hanya penjual campuran yang bermodalkan hutang di Bank BRI,saya seorang janda dua anak penghasilan hanya bisa dipakai untuk makan anak saya putus sekolah dikarenakan tidk ada biaya,saya sempat stres dan putus asa menjalani hidup tapi tiap kali saya lihat anak saya,saya selalu semangat.saya tidak lupa berdoa dan minta petunjuk kepada yang maha kuasa,tampa sengaja saya buka internet dan tidak sengaja saya mendapat nomor tlpon Aki Sulaiman,awalnya saya Cuma iseng2 menghubungi Aki saya dikasi solusi tapi awalnya saya sangat ragu tapi saya coba jalani apa yang beliau katakan dengan bermodalkan bismillah saya ikut saran Aki Sulaiman saya di ritualkan dana gaib selama 3 malam ritual,setelah rituialnya selesai,subahanallah dana sebesar 2M ada di dalam rekening saya.alhamdulillah sekarang saya bersyukur hutang di Bank lunas dan saya punya toko elektronik yang bisa dibilang besar dan anak saya juga lanjut sekolah,sumpah demi Allah ini nyata tampa karangan apapun,bagi teman2 yang mau berhubungan dengan Aki Sulaiman silahkan hub 085216479327 insya Allah beliau akan berikan solusi apapun masalah anda mudah2han pengalaman saya bisa menginspirasi kalian semua,Assalamualaikum wrb.JIKA BERMINAT SILAHKAN HUB AKI SULAIMAN 085-216-479-327,TAMPA TUMBAL,TIDAK ADA RESIKO APAPUN(AMAN) .
ReplyDeleteMaaf ibu, tolong cantumkan silsilah keturunan syeh Syarif arifin sampe ke bawahnya
ReplyDelete